Butan
From Wikipedia, the free encyclopedia
Butan (Dzongkha: འབྲུག་ཡུལ་; Alihaksara Wylie: ʼbrug-yul "Druk Yul"), resmina Karajaan Butan, nyaéta hiji nagara nu dilingkung di Asia Kidul, aya di wewengkon wétan Himalaya. Butan wawatesan jeung Cina di kalér sarta India di kidul, wétan, jeung kulon. Leuwih ka kulonna aya Nepal, dipisahkeun ku nagara bagian India, Sikkim. Leuwih ka kidulna aya Bangladés, dipisahkeun ku nagara bagian India, Assam jeung Benggala Kulon. Ibu kota Butan sareng kota panggedéna nyaéta Thimphu.
འབྲུག་རྒྱལ་ཁབ་ 'Brug Rgyal-khab (Wylie) Dru Gäkhap Karajaan Butan |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Lagu Druk Tsendhen Karajaan Nagara Guludug |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Thimphu 27°28.0′N 89°38.5′E | |||||
Basa resmi | Dzongkha | |||||
Pamaréntah | Monarki konstitusional parleméntér kahijian | |||||
- | Raja | Jigme Khesar Namgyel Wangchuck | ||||
- | Perdana Mentri | Jigme Y. Thinley | ||||
Kawangun | Awal abad ka-17 | |||||
- | Dinsati Wangchuk | 17 Désémber 1907 | ||||
- | Monarki konstitusional | 2007 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 38.394 km² (ka-135) 14.824 mil² |
||||
- | Cai (%) | 1,1 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2012 | 742.737[1] (ka-165) | ||||
- | Sénsus 2005a | 634.982[2] | ||||
- | Kapadetan | 18,0 /km² (ka-154) 46,6 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $4,287 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $6.112[3] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $1,488 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $2.121[3] | ||||
HDI (2013) | 0,538 (sedeng) (ka-140) | |||||
Mata uang | Ngultrumb (BTN ) |
|||||
Zona wanci | BTT (UTC+6) | |||||
TLD Internét | .bt | |||||
Kode telepon | +975 |
Butan aya salaku wewengkon ti sababaraha karajaan nepi ka awal abad ka-17 nalika Lama sarta pamingpin militér Shabdrung Ngawang Namgyal nu kabur ti panarajangan kaagamaan di Tibét, ngahijikeun wewengkon Butan sarta melak hiji cicirén Butan nu béda. Teras dina awal abad ka-20, Butan tepang jeung Kakaisaran Britania sarta miboga hubungan bilateral nu kiat jeung India sanggeus kamerdikaanna. Dina taun 2006, dumasar kana survéy sadunya, Business Week nyimpen Butan salaku nagara nu pangbagjana sa-Asia sarta ka-8 sadunya.[4]
Lemah Butan kasusun ti dataran subtropis di kidul nepi ka daratan luhur Himalaya sub-alpen di kalér, di mana sababaraha titik miboga kaluhuran leuwih ti 7,000 metres (23,000 ft). Lega wewengkonna dilaporkeun kira-kira 46,500 km2 (18,000 sq mi) taun 1997[5] and 38,394 square kilometres (14,824 sq mi) in 2002.[6][7] Agama nasional Butan nyaéta Budha Vajrayana sarta pangeusina, diperkirakeun jumlahna méh 750.000 jiwa,[1] utamina ngagem Budha. Hindu mangrupa agama nu panggedéna kadua.[8]
Taun 2008, Butan ngarobih wangun nagara ti monarki absolut ka monarki konstitusional jeung miboga pamilihan umum kahijina. Butan mangrupa anggota ti Pasarikatan Bangsa-Bangsa sareng Asosiasi Asia Kidul pikeun Sabilulungan Wewengkon (SAARC) sarta minangka tuan rumah pikeun Patepungan SAARC XVI dina April 2010.