Nagara daulat
From Wikipedia, the free encyclopedia
Hiji nagara daulat mangrupa hiji nagara kalawan téritori nu jentré nu mana miboga kadaulatan ka jero jeung ka luar, populasi permanén, pamaréntahan, jeung kabisaan pikeun miboga hubungan jeung nagara daulat nu lian.[1] Normalna ogé dipikaharti salaku hiji nagara anu teu depénden (gumantung) ka, atawa minangka subjék tina (kakawasaan) nagara lian.[2] Dina istilah abstrakna hiji nagara daulat bisa aya tanpa pangakuan ku nagara daulat nu lian, nagara nu teu diakuan sering bakal hésé ngalaksanakeun kakawasaan nyieun gawé bareng atawa hubungan diplomatik jeung nagara daulat nu lian.