Bangladés
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bangladés (Basa Benggala: বাংলাদেশ), resmina Républik Rahayat Bangladés (Basa Benggala: গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশ Gônoprojatontri Bangladesh), nyaéta hiji nagara di Asia Kidul. Aya di Délta Gangga-Brahmaputra nu subur, Bangladés minangka bagian tina wewengkon étnis jeung basa Benggala. Ngaran Bangladesh hartina "Nagara Benggala" di Basa Benggala nu resmi. Bangladés wawatesan jeung Teluk Benggala di kidul, India di kalér, kulon, jeung wétan, sarta Myanmar di tenggara. Bangladés kapisah ti Nepal jeung Bhutan ku Sela Siliguri.
গণপ্রজাতন্ত্রী বাংলাদেশ Gônoprojatontri Bangladesh Républik Rahayat Bangladés |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
|
||||||
Lagu Amar Shonar Bangla Bangla Emas Kuring |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Dhaka 23°42′N 90°21′E | |||||
Basa resmi | Benggala | |||||
Grup étnis (1998[1]) | 97,2% Benggala 2,8% nu lian |
|||||
Pamaréntah | Démokrasi parleméntér kahijian[2] | |||||
- | Présidén | Abdul Hamid | ||||
- | Perdana Mentri | Sheikh Hasina | ||||
Kamerdikaan | Ti Pakistan | |||||
- | Déklarasi | 26 Maret 1971 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 147.570 km² (ka-94) 56.977 mil² |
||||
- | Cai (%) | ? | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2012 | 161.083.804[1] (ka-8) | ||||
- | Kapadetan | 1.033,5 /km² (ka-9) 2.676,8 /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $282,229 milyar[3] (44) | ||||
- | Per kapita | $1.790,26[3] (193) | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2011 | |||||
- | Total | $113,032 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $700,59[3] | ||||
Gini? (2005) | 33,2[4] (medium) | |||||
HDI (2011) | 0,500[5] (handap) (ka-146) | |||||
Mata uang | Taka (BDT ) |
|||||
Zona wanci | BST (UTC+6) | |||||
TLD Internét | .bd | |||||
Kode telepon | +880 |
Wates Bangladés ayeuna disusun tina pamisahan Benggala Britania dina 1947, nalika wewengkonna mangrupa Pakistan Wétan, bagian ti Pakistan nu karak ngadeg. Pakistan Wétan kapisah ti Pakistan Kulon ku kirang langkungna 1.500 km wewengkon India. Ku sabab alesan pulitik, étnis, basa, jeung ékonomi ku wewengkon kulon, pamikiran umum tumuwuh nu teras janten pergerakan nasionalis kultural jeung sékulér, nu ngarah kana déklarasi kamerdikaan sarta Perang Kamerdikaan Bangladés dina 1971. Sanggeus perang jeung kamerdikaan, nagara Bangladés nu anyar éta ngalaman raloba masalah kamiskinan, kalaparan, karusuhan pulitik, jeung kudéta-kudéta militér. Pamulihan démokrasi taun 1991 ngahasilkeun kaayaan nu rélatif tengtrem sarta kamajuan ékonomi.
Bangladés mangrupa nagara républik parleméntér kahijian sékulér, kalawan hiji parlemén nu ngaranna Jatiyo Sangshad. Bangladés mangrupa nagara nu panglobana populasina ka-8 sadunya sarta mangrupa salah sahiji ti nagara nu pangpadetna sadunya.
Numutkeun géografina, Bangladés aya di wewengkon Délta Gangga-Brahmaputra jeung mangrupa wewengkon banjir jeung siklon taunan. Nagara ieu ngalaman sababaraha masalah saperti kamiskinan, korupsi, kaleuwihan populasi, sarta sababaraha masalah tina parobahan iklim. Sanajan kitu, Bangladés miboga kamajuan dina ajén Angka Pertumbuhan Manusa.[6] Bangladés enggeus ningkatkeun angka harepan hirupna 23 taun, miboga kasaruaan jenis kelamin dina pangatikan, pangurangan pertumbuhan populasi, sarta paningkatan dina kaséhatan ibu jeung anak.[7][8]