Kalénder Étiopia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kalénder Étiopia (Basa Amharik: የኢትዮጵያ ዘመን አቆጣጠር ye'Ītyōṗṗyā zemen āḳoṭaṭer), disebut ogé kalénder Ge'ez, nyaéta kalénder utama nu dipaké di Étiopia sarta mangrupa taun kabaktian urang Kristen di Éritréa nu dipaké ku Garéja Tewahdo Ortodoks Éritréa, Garéja Katolik Wétan di Éritréa jeung Lutheran (Garéja Evangelis di Eritréa), nu ilaharna disebut kalénder Ge'ez. Kalénder ieu dumasar kana kalénder Aléksandria atawa Koptik, nu dumasar ogé kana kalénder Mesir nu leuwih heubeul, tapi kawas kalénder Julian, nambahan poé luncat unggal opat taun tanpa kajaba, sarta ngamimitian taun dina 29 Agustus atawa 30 Agustus dina kalénder Julian. Bédana tujuh tepi ka dalapan taun antara kalénder Etiopia jeung Grégori disababkeun ku ayana kalkulasi nu béda dina nangtukeun tanggal Annunciation Yésus.
Kalénder [ t·s·é ] | |
---|---|
Kagunaan Umum | |
Tiongkok · Islam · Gregorian · Thai: Bulan – Panonpoé . Tanggal minggu ISO · Astro · Julian | |
Tipe Kalénder | |
Lunisolar · Solar · Lunar | |
Kagunaan Lianna | |
Arménia · Bahá'í · Bengali · Berber · Buda · Koptik · Étiopia · Jérmanik · Yahudi · Hindu · India · Iran · Irlandia · Jepang · Jawa · Malayalam · Maya · Nanakshahi · Nepal · Nepal Sambat · Tamil · Tibet · Zoroaster | |
Julian asli · Runik |
Kawas kalénder Koptik, kalénder Éthiopia/Ge'ez boga dua welas bulan nu masing-masingna 30 poé ditambah lima atawa genep poé epagomenal (biasana disebut bulan katilu welas). Lanjutna, bulan-bulanna mimitian dina poé nu sami jeung kalénder Koptik, tapi boga ngaran nu béda, ngagunakeun basa Ge'ez. Poé kagenep epagomenal ditambahkeun saban opat taon tampa kajaba dina 29 Agustus di kalénder Julian.
Artikel ieu keur dikeureuyeuh, ditarjamahkeun tina basa Inggris. Bantuanna didagoan pikeun narjamahkeun. |