Kalénder Islam
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kalénder Islam atawa kalénder Muslim (Basa Arab: التقويم الهجري; at-taqwīm al-hijrī; Basa Persia: تقویم هجري قمری taqwīm-e hejri-ye qamari katelah ogé kalender Hijriah) nyaéta kalénder nu dipaké keur nanggalan kajadian-kajadian di nagara-nagara nu dominan Muslim, sarta dipaké ku Muslim di mana waé keur nangtukeun wanci nu mustari keur ngaria-ria poé sucina Islam. Kalender Islam mangrupa kalender bulan nu miboga 12 bulan lunar, dina sataunna aya 354 poe. ku sabab taun bulan ieu 11 poé leuwih pondok ti batan taun panonpoe, sanajan poé sucina Islam dirayakeun dina tanggal nu ajeg dina kalender Islam, dina kalender Gregorian mah baris geseh 11 poé miheulaan saban taunna. Taun Islam katelah ogé taun Hijrah alatan taun munggarannana nyaéta taun kajadian Hijrah; Nabi Muhammad emigrasi ti Mekah ka Madinah. Ku kituna taun-taun lianna ditangtukeun maké H, (Basa Inggis H jeung AH, AH mah sarua jeung Basa Laten anno Hegirae (dina taun Hijrah).[1]
Kalénder [ t·s·é ] | |
---|---|
Kagunaan Umum | |
Tiongkok · Islam · Gregorian · Thai: Bulan – Panonpoé . Tanggal minggu ISO · Astro · Julian | |
Tipe Kalénder | |
Lunisolar · Solar · Lunar | |
Kagunaan Lianna | |
Arménia · Bahá'í · Bengali · Berber · Buda · Koptik · Étiopia · Jérmanik · Yahudi · Hindu · India · Iran · Irlandia · Jepang · Jawa · Malayalam · Maya · Nanakshahi · Nepal · Nepal Sambat · Tamil · Tibet · Zoroaster | |
Julian asli · Runik |
Taun Islam kiwari 1428 H.