Wilhélmina ti Walanda
From Wikipedia, the free encyclopedia
Ratu Wilhelmina (Wilhelmina Helena Pauline Marie van Orange-Nassau; (gumelar 31 Agustus 1880 – maot 28 Nopémber 1962 dina umur 82 taun), Putri Orange-Nassau, mangrupa Ratu Walanda ti 1890 - 1948 jeung Ibu Suri (mibanda sebutan Putri) ti sabot 1948 - 1962. Anjeunna mingpin Walanda salila leuwih ti 50 taun, leuwih lila tibatan pamingpin karajaan Walanda anu séjénna. Mangsa kakawasaanna ngakibatkeun sababaraha parobahan di Walanda jeung sajarah dunya, diantarana: Perang Dunia I jeung Perang Dunia II, Krisis Ékonomi taun 1933, jeung ogé runtuhna Walanda anu tadina salaku pangawasa kolonial.
Wilhélmina | |
---|---|
Ratu Wilhelmina nalika taun 1948 | |
Ngajabat | 23 November 1890 - 4 September 1948 (&&&&&&&&&&&&&057.&&&&&057 taun, &&&&&&&&&&&&0286.&&&&&0286 poé) |
Dipiheulaan ku | William III |
Dituluykeun ku | Juliana |
Pasangan | Hendrik ti Mecklenburg-Schwerin |
Katurunan | |
Juliana ti Belanda | |
Ngaran lengkep | |
Wilhélmina Helena Pauline Maria | |
Wangsa | Keluarga Oranye-Nassau |
Rama | William III ti Belanda |
Ibu | Emma ti Waldeck jeung Pyrmont |
Gumelar | 31 Agustus 1880 Den Haag, Belanda |
Maot | 28 Nopémber 1962 (yuswa 82) Apeldoorn, Belanda |
Makam | 8 Desember 1962 Nieuwe Kerk, Delft |
Ageman | Reformed Protestan |
Anjeunna mibanda peran anu kacida pentingna dina Perang Dunia II di mana anjenna ngabuktikeun yé anjeunna téh jadi inspirasi pikeun gerakan panglawanan rahayat Walanda jeung ogé salaku pamingpin utama pamaréntahan Walanda di tempat pangasingan.