Tulang
From Wikipedia, the free encyclopedia
Tulang (basa Hormat: Babalung) nyaéta mangrupa hiji tipe jaringan konéktip éndoskéléton teuas nu sok aya dina sato vertebrata.[1] Tulang téh jadi dadasar struktur awak, ngajaga organ internal, sarta (babarengan jeung otot) pikeun ojah; ogé patali jeung formasi sél, métabolisme kalsium, jeung simpenan mineral. Tulang sasatoan, sacara koléktip, katelahna rorongkong. Kandungan tulang teu sarua jeung kartilage, nu sarua diturunkeun ti mésoderm.
Aya sababaraha téori ngeunaan épolusi tulang:
- éksoskeleton dina cangkang, carapace (ngandung sanyawaan kalsium atawa silika) jeung kitin.
- éndoskeleton (jaringan protéktif turunan mésoderm) ogé aya dina Echinoderm.
Tulang jeung rorongkong diulik dina ostéologi.