Sutra
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sutra mangrupa produk ékslusip kaisar Cina atawa Tiongkok.[1] Mimitina sutra dipikawanoh di Cina dina taun 2700 SM.[1] Cina anu apal kumaha cara nyieun sutra, saha waé anu ngabéjakeun cara nyieuna sutra bakal dipaéhan.[1] Ku sabab kitu harga sutra téh mahal, nepi ka sabanding hargana jeung emas.[1] Ceuk sahaol carita mah baheulana Lei-tzu sang Permaisuri karajaan harita keur merhatikeun kepompong dina tangkal mulberry tuluy éta kepompong téh dibawa, sabot kitu éta kepompong téh murag kana cangkir nu eusina entéh permaisuri.[2] Nalika rék dibawa éta kepompong nu murag téh robah jadi lambaran bola anu lemes tur panjang.[2] Ieu sajarah mimitina kapanggih ayana bola sutra.[2] Permaisuri anu manggihan éta bola sutra disebut Si Ling-chi atawa Lady of the Silkworm.[2] Ku sabab kitu Cina kasohor penghasil kaén sutra anu dipikawanoh di sakabéh alam dunya.[2] Loba padagang anu jualan kaén sutra, jalur pedagang kasebut disebut Silk Road atawa Jalur Sutera.[2]