Siti Khodijah binti Khuwailid
garwa munggaran (kahiji) Kanjeng Nabi Muhammad Saw / From Wikipedia, the free encyclopedia
Khadijah binti Khuwailid bin Asad al-Qurésyiyah (68-3) SH (Saméméh Hijrah) ngarupikeun Ummul mu'minin (indung jalma anu ariman), garwa munggaran (kahiji) Kanjeng Nabi Muhammad Saw, ibu ti sadaya putra putrina kecuali Sayyid Ibrohim bin Muhammad. anjeunna rarabi jeung Kangjeng Nabi saméméh hijrah sareng parantos gaduh firasat yén carogéna calon nabi. Nalika carogéna tapa (khalwat) di Guha Hiro teras lungsur wahyu, anjeunna nu pangheulana iman ka Nabi tuluy mawa ieu béja téa ka Warokoh bin Naofal, anu negeskeun carogéna téh Nabi ieu umat (akhir zaman).
Bagian tina serial Islam Ummahatul Mu'minin Garwa-garwa Nabi Muhammad |
---|
Zaénab binti Khuzaémah Hindun binti Abi Umayyah Zaénab binti Jahsy Juwaériyah binti al-Harits Romlah binti Abu Sufyan Shofiyah binti Huyay Maémunah binti al-Harits Maria binti Syama’un |
Siti Khodijah ngarupikeun jalmi anu mimiti asup Islam ti antara lalaki jeung awéwé nu mimiti wudu jeung solat. Ngiring ngarasakeun pait peuheurna marengan da'wah Kangjeng Nabi kalayan sobar ngahareupan delekana kaum Qurésy ka kaum muslimin. Dugi ka kajadian isolasi (diasingkeunana) Bani Hasyim jeung Bani Mutolib salila 3 taun dina kalaparan tepi ka geuringna Siti Khodijah. Teu lila satutasna dicabut isolasi Bani Hasyim jeung Bani Mutolib, tilu poé atawa leuwih sabada wafat Abu Tholib, mamang Nabi, nyusul Siti Khodijah r.a wafat yuswa 65 taun ku lantaran geuring dina taun 629 M. Lilana laki rabina sareng Kangjeng Nabi 24 taun 6 sasih dikurebkeun di Pamakaman Ma'la di Mekah.
Siti Khodijah gaduh kalungguhan utama dina Islam. Diriwayatkeun ti Abu Hurairoh r.a, Nabi ngadawuh: "Sahadé-hadéna awéwé di dunya aya opat (nyaéta): Maryam binti Imron, Binti Mazahim (istri Fir'aon), Khodijah binti Khuwailid, sareng Fatimah binti Muhammad". Jibril sumping ka Nabi ngadawuh: Ya Rasulalloh, Khadijah datang nyandak tuangeun sareng leueuteun. Upami datang ka anjeun, titip salam ti Gusti Alloh jeung ti sim kuring. Teras béjakeun bumina (Siti Khodijah) di surga didamel tina mutiara, euweuh ruwah riweuh jeung moal capék.[1]