Simpanseu
From Wikipedia, the free encyclopedia
Simpanseu (sering disingget dina basa Inggris, chimp), nyaéta ngaran umum pikeun dua spésiés anu masih hirup tina monyét dina genus pan.[1] Walungan Kongo ngawangun wates tempat cicing alamiah tina dua spésiés:
- Simpanseu biasa, pan troglodytes (Afrika Barat jeung Afrika Tengah)
- Bonobo, Pan panissus (Leuweung Républik Kongo)[1]
Simpanseu nyaéta anggota ti kulawarga Hominidae, sarua jeung gorila, manusa ogé orangutan.[1]
Simpanseu mangrupa salah sahiji jenis primata anu teu boga buntut.[2] Ukuran awakna gedé, anu jalu jangkungna 77–92 cm, sedengkeun dantenna kira-kira 70–85 cm.[2] Beuratna maksimal 50 kg, awakna katutup ku mantel bulu anu panjang jeung kandel, warnana hideung semu abu-abu.[2] Bentuk beungeut jeung gado rada ngagantung, biwir ipis, jeung bagian halisna nonjol kalawan jelas.[2] Sato ieu ngabogaan ceuli anu ukuranna rélatip gedé, dadana lega, anggota badanna katingali paranjang, sanajan ari ramona mah parondok.[2] Leungeunna kuat, beungeut anak simpanseu mirip jeung indungna dibédakeunna ceuli anak simpanseu mah katingali semu beureum jeung buluna teu kandel, carang kénéh.[2]