Rukem
From Wikipedia, the free encyclopedia
Rukem atawa Rukam (dina basa laténna Flacourtia rukam) nyaéta salah sahiji jenis tangkal bungbuahan nu kawitna asli ti Kepulauan Nusantara[1]. Buahna téh tiasa didahar jeung loba hasiatna. Satacan dikonsumsi, buah rukem kudu dipencét kulitna heula supados leungit rasa kesed ti buahna.
Fakta Singget Klasifikasi ilmiah, Ngaran binomial ...
Rukem | |
---|---|
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | Magnoliophyta |
Kelas: | |
Ordo: | Malpighiales |
Kulawarga: | Salicaceae |
Génus: | Flacourtiaceae |
Spésiés: | Flacourtia rukam |
Ngaran binomial | |
Flacourtia rukam Zoll. & Moritz. | |
Tutup
Rukem téh kaasup kana génus Flacourtiae, buah ieu ogé kaasup ka jenis buah tropis nu seeur variétasna. Nu ngabédakeun hiji variétas jeung variétas séjén nyaéta warna, ukuran jeung kadar rasa amisna[2].
Buah rukem sok disebut plum India, Coffee plum, plum Runeala, jsb. Malaur, rukem téh teu aya hubunganana jeung plum nu kaasup ka génus Prunus.[2]