Puyuh
From Wikipedia, the free encyclopedia
Manuk Puyuh téh nyaéta sarupaning manuk leutik ti kulawarga Turnicidae, cirina nu paling kaciri, tina bulu tonggongna nu ngabogaan pola siga batik, warna utamana ti mimiti warna célé, coklat péang, coklat, konéng, oranye tur semu beureum ditambahan ku polét atawa totol-totol bodas, beureum, hideung, nyampur dina pola nu jadi ciri spésiésna masing-masing. Ciri séjénna sukuna pondok, beuheung méh teu kaciri, ramona ngan tilu kabéh nyanghareup, warna suku konéng, hideung atawa konéng-hideung atawa hawuk, kitu ogé jeung warna pamatukna. Buntutna parondok.
Puyuh kaasup manuk leutik, ukuran puyuh plover, hiji-hijina spésiés ti génera Ortyxelos, ngan 10 cm jeung beuratna 20 gram. Sedeng ti génera Turnix panjangna rupa-rupa antara 12 cm semet ka 23 cm, beuratna 20g semet ka 130g. Katempona sarimbag pisan jeung naon nu disebut puyuh ti génera Coturnix, kajaba ku teu boga telih jeung ramo tukang. Ogé puyuh bikangna ti Turnicidae mibanda organ vokal nu khas nu asalna tina trachéa nu ngagedéan sarta ruang hawa dina ésophagusna, nu bisa ngaluarkeun sora handaruan.[1]
Salian ciri di luhur, numutkeun Erich Tenius, puyuh ogé mibanda sipat-sipat hayam-hayam ternak, nyaéta:
- Liang irung katutup ku bulu laleutik.
- Téréh ngaréaan, wanci subur tiap 4-5 bulan.
- Pola bulu nu siga kaén ngagantung sarimbag jeung hahayaman.
- Bulu jangjang leutik téréh pisan megar wanci ciak kéneh.
- Buluna malegar wanci rumaja.
- Resep kokoréh.
Tapi puyuh ogé mibanda sifat-sifat bango atawa manuk-manuk ranca, nyaéta:
- Teu boga telih.
- Garis jero dina dua sisi satukangeun sternum (tulang sahandapeun beuteung).
- Endogna totol-totol.
- Cara ngahuapan anak-anakna.
Sajaba ti dua sifat-sifat di luhur, puyuh ogé boga sifat nu mandiri:
- Wanci baranahan nu téréh pisan, 12-13 poé.
- Fakta yén jaluna nu nyileungleum jeung ngasuh anak-anakna.[2]