Norépinéfrin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Noradrénalin (NA), disebut ogé norépinéfrin (NE), nyaéta zat kimia organik di kulawarga katékolamin anu boga guna dina otak jeung awak salaku hormon jeung neurotransmitter. Ngaran "noradrénalin" diturunkeun tina akar basa Latin anu hartina "dina/gigireun ginjal".[1] Bagian awak anu ngahasilkeun atawa kapangaruhan ku ieu zat disebutna noradrénergik.
Data klinis | |
---|---|
Sinonim |
|
Data fisiologis | |
Jaringan sumber | locus coeruleus; sistem saraf simpatétik; adrenal medulla |
Jaringan targét | system-wide |
Reséptor | α1, α2, β1, β3 |
Agonis | obat simpatomimétik, klonidin, isoprénalin |
Antagonis | Antidéprésan trisiklik, beta blocker, antipsikotik |
Prékursor | dopamin |
Biosintésis | dopamin β-monooksigenase |
Métabolismeu | MAO-A; COMT |
Identifiers | |
Nama IUPAC
| |
Nomor CAS | |
PubChem CID | |
IUPHAR/BPS | |
DrugBank | |
ChemSpider | |
KEGG | |
ECHA InfoCard | 100.000.088 |
Fungsi umum norépinéfrin nyaéta pikeun ngeprak otak jeung awak pikeun ojah. Nalika saré, norépinéfrin pangsaeutikna dikalurkeun, nambahan nalika nyaring, sarta bakal beuki undak nalika nyanghareupan bahya atawa setrés, anu katelah réspon gelut-atawa-kabur. Dina uteuk, norépinéfrin matak ngahudang gairah, rancingeus, jeung awas/waspada. Norépinéfrin nambahan ketug jantung jeung tekenan getih, ngaleupaskeun glukosa tina énergi simpenan, nambahan aliran getih kana otot rangka, ngurangan aliran getih kana sistem cerna, sarta nyegah mukana kandung kemih sarta motilitas cerna.