Dopamin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dopamin atawa dopamina nyaéta hiji neurotransmiter nu aya di rupa-rupa sato, boh vertebrata atawa invertebrata. Dina otak manusa, ieu fenetilamina téh ngaktifkeun lima tipeu reséptor dopamin — D1, D2, D3, D4, jeung D5, sarta varian-varianna. Dopamin dijieun dina sababaraha bagian otak, di antarana substantia nigra jeung aréa ventral tegmental[4]. Dopamin ogé neurohormon nu dileupaskeun ku hipotalamus, nu gunana pikeun ngurangan/megat dileupaskeunana prolaktin ti pituitari.
Rumus rangka dopamin | |
Data klinis | |
---|---|
Sinonim |
|
Data fisiologis | |
Jaringan sumber | Substantia nigra; ventral tegmental area; jsb. |
Jaringan targét | System-wide |
Reséptor | D1, D2, D3, D4, D5, TAAR1[3] |
Agonis | Langsung: apomorpin, bromokriptin Teu langsung: kokain, ampétamin |
Antagonis | Neuroléptik, métoklopramida, domperidon |
Prékursor | Pénilalanin, tirosin, jeung L-DOPA |
Biosintésis | DOPA dekarboksilase |
Métabolismeu | MAO, COMT[3] |
Identifiers | |
Nama IUPAC
| |
Nomor CAS |
|
PubChem CID | |
IUPHAR/BPS | |
DrugBank | |
ChemSpider | |
UNII | |
KEGG | |
ECHA InfoCard | 100.000.101 |
Chemical and physical data | |
Rumus | C8H11NO2 |
Massa molar | 153181 g·mol−1 |
3D model (JSmol) | |
SMILES
| |
InChI
|
Dopamin bisa dipaké natambaan, pikeun ngaronjatkeun ketug jantung jeung tekenan getih. Ngan, kusabab dopamin mah teu bisa nembus pager getih-otak, dopamin nu diasupkueun salaku ubar moal bisa langsung mangaruhan sistim saraf puseur. Pikeun nambahan kadar dopamin dina otak nu boga kasakit Parkinson jeung distonia, misalna, L-DOPA (levodopa) nu pijadieun/prékursor dopamin bisa diasupkeun, sabab ieu ubar bisa ngaliwatan pager getih-otak.