Moldova
From Wikipedia, the free encyclopedia
Républik Moldova (basa Romania: Republica Moldova) mangrupa nagara nu aya di antara Rumania jeung Ukraina, di Éropa Wétan. Moldova teu miboga aksés ka laut.
- Pikeun kagunaan lian ti "Moldova" tempo Moldova (disambiguasi)
Republica Moldova Républik Moldova |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Lagu Limba noastră Basa Urang |
||||||
Lokasi Moldova (héjo)
di buana Éropa (kulawu kolot) |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Kishinév 47°0′N 28°55′E | |||||
Basa resmi | Moldova | |||||
Basa régional | Gagauz, Rusia, Ukraina, jeung Bulgaria | |||||
Démonim | Moldova | |||||
Pamaréntah | Rapublik parleménter | |||||
- | Présidén | Maia Sandu (Майя Санду | ||||
- | Perdana Menteri | Natalia Gavrilița (Наталья Гаврилица) | ||||
- | Pupuhu parlemén | Igor Grosu (Игорь Гросу) | ||||
Konsolidasi | ||||||
- | Déklarasi kadaulatan | 23 Juni 1990 | ||||
- | Déklarasi kamerdékaan (ti Uni Soviét) | 27 Agustus 19912 |
||||
Aréa | ||||||
- | Total | 33,846 km² (139) 13,067 mil² |
||||
- | Cai (%) | 1.4 | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 1 Januari 2011[1][2] | 3.560.430 (teu kaasup Transnistria jeung Bender) (1293) | ||||
- | Sénsus 2004 | 3.383.3324 | ||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2009 | |||||
- | Total | $10.141 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $2.842[3] | ||||
GDP (nominal) | Perkiraan 2009 | |||||
- | Total | $5.403 milyar[3] | ||||
- | Per kapita | $1.514[3] | ||||
Gini? (2007) | 37.1 (medium) | |||||
HDI (2007) | 0.708 (medium) (111th) | |||||
Mata uang | Leu Moldova (MDL ) |
|||||
Zona wanci | EET (UTC+2) | |||||
- | Usum panas (DST) | EEST (UTC+3) | ||||
TLD Internét | .md | |||||
Kode telepon | +373 |
Dina jaman baheula, Moldova mangrupa bagian ti Dacia, nu labuh ka kawasa Romawi. Kalobaannana ti wewengkon Moldova mangrupa bagian ti Kapangéranan Moldavia dina abad patengahan. Bagian wétan kapangéranan ieu teras dianéksasi ku Kakaisaran Rusia dina taun 1812 jeung wewengkon ieu kawanoh minangka Bessarabia. Nalika pambubaran Kakaisaran Rusia taun 1917, Républik Démokratik Moldavia diwangun, nu saterasna ngagabung jeung Romania Raya dina taun 1918. Dina taun 1940, Bessarabia dikawasaan ku Uni Soviét, jeung dibagi antara Républik Sosialis Soviét Ukraina jeung Républik Sosialis Soviét Moldova. Kalawan labuhna Soviét taun 1991, Moldova ngadéklarasikeun kamerdékaanna.
Nagara ieu mangrupa nagara démokrasi parleménter, kalawan présidén salaku pupuhu nagara jeung perdana menteri salaku pupuhu pamaréntahan. Moldova mangrupa anggota PBB, WTO, OSCE, GUAM, CIS, BSEC, jeung organisasi internasional lianna. Moldova ayeuna ngusahakeun sangakan ngagabung ka Uni Éropa.[4][5]
Kira-kira ¼ padumuk Moldova masih hirup kalawan pangasilan kirang ti $2 per poé.[6]