Lutung Mentawai
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lutung Mentawai (Presbytis potenziani) atawa sok disebut ogé Joja nyaéta spésiés primata anu kagolong kana kulawarga Cercopithecidae, sarta sub kulawarga Colobinaé. Lutung Mentawai mangrupa sato éndemik anu aya di Pulo Mentawai, Indonésia. Tempat cicing alamina aya di leuweung tropos garing atawa di leuweung subtropis. Hanjakal, ieu sato téh kaacam musnah ku sabab leuweung, tempat cicingna diraruksak ku jalma anu teu tanggung jawab.[1] Sajaba ti disebut Lutung Mentawai atawa Joja, ngaran séjén tina sato ieu nyaéta Mentawai Leaf Monkey, Golden-bellied Mentawai Island Langur, atawa Long-tailed Langur. [1] Lutung Mentawai bakal loba kapanggih di Pagai Utara, Pagai Selatan, sarta di Pulo Siberut.[1] Lutung Mentawai dibagi jadi 2 sub spésiés nyaéta Presbytis potenziani potenziani anu sumebar di Pulo Sipora, Pulo Pagai Utara jeung Pagai Selatan sarta Presbytis potenziani siberut anu sumebar di Pulo Siberut.[2]