Kromosom X
From Wikipedia, the free encyclopedia
Kromosom X nyaéta salah sahiji ti dua kromosom nu nangtukeun kelamin dina lolobana spésiés sato, kaasup manusa (nu hiji deui nyaéta kromosom Y). Ieu mangrupa bagian ti sistem panangtuan kelamin XY jeung sistem panangtuan kelamin X0. Ieu kromosom dingaranan kitu dumasar kana kaunikanana anu kapanggih ku para panalungtik baheula. Tina X, mangka kromosom anu hiji deui dingaranan Y nuturkeun urutan aksara Latén[1].