Karibia
From Wikipedia, the free encyclopedia
Karibia (/kærɨbiːən/ atawa /kərɪbiən/; basa Spanyol: Caribe) atawa Hindia Kulon nyaéta sakumpulan pulo anu pernahna di laut Karibia. Pulo-pulo ieu sabeulah kalérna laut Florida sarta kiduleun Vénézuéla di Amérika. Aya kana 7.000 pulo, anu ngawengku pulo, terumbu, jeung Caye. Pulo-pulo digolongkeun jadi dua puluh lima wilayah, éta kaasup nagara anu merdéka, departemen luar nagari, jeung daérah administrasi séjéna. Ngaran "Hindia Kulon" dumasar kana pamikiran Christopher Columbus panyangka manéhna geus anjog ka India sok padahal mah nepi di Amerika. Karibia diwangun tina Antilles gedé jeung Antilles leutik anu mangrupa bagéna ti Amerika kalér.
Fakta Singget Lega Wilayahna, Lega Daratan ...
Lega Wilayahna | 2,754,000 km2 (1,063,000 sq mi) |
---|---|
Lega Daratan | 239,681 km2 (92,541 sq mi) |
Populasi (2009) | 39,169,962[1] |
Kapadetan Penduduk | 151.5/km2 (392/sq mi) |
Sélér bangsa | Afro-Caribbean, Indo-Caribbean, Chinese Caribbean,[2] Suku Asli Karibia (Arawaks/Arawak, Karibia, Taínos), European |
Démonim | Hindia Kulon, Urang Karibia, Caribbean |
Basa | Spanyol, Inggris, Prancis, Walanda jeung Basa wewengkon |
Pamaréntahan | 13 nagara daulat 17 pamaréntahan peuntaseun laut |
Dayeuh | Santo Domingo Havana Santiago de los Caballeros Port-au-Prince Kingston Santiago de Cuba San Juan Holguín |
Domain Internet | Berbagai |
Kode Telepon | Berbagai |
Zona Waktu | UTC-5 hingga UTC-4 |
Tutup