Juniper beri
From Wikipedia, the free encyclopedia
Juniper béri nyaéta siki buah pinus bikangna tina tutuwuhan juniper. Juniper béri wangunna buleud semu sisitan. Sisitna pinuh pisan nepi ka sarupa kulit buah.[2][3][4] Juniper béri dipaké minangka rempah kalawan rasa anu semu pait.[5][6]
Juniper beri | |
---|---|
Juniperus communis subspésiés communis di Walanda | |
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Plantae |
: | Tracheophytes |
Divisi: | Pinophyta |
Kelas: | Pinopsida |
Ordo: | Pinales |
Kulawarga: | Cupressaceae |
Génus: | Juniperus |
Séksi: | Juniperus sect. Juniperus |
Subséksi: | Juniperus subsect. Juniperus |
Spésiés: | J. communis |
Ngaran binomial | |
Juniperus communis L. | |
Sumebar sabudeureun dunya | |
Sebaran alami di Amérika Kalér |
Juniper béri (Juniperu communis L.) nyaéta salah sahiji tutuwuhan tina génus nu boga spésiés nu jumlahna 60-70 rupa. Jinis juniper béri anu pangmindengna dipaké nyaéta nu asalna tina varietas Juniperus communis L. Ilaharna mah ieu téh ndisebut juniperus, ogé dipikawanoh minangka buah juniperi, jujiper, jeung "catang supernatural".[5] Juniper béri nu ngora kénéh warnana semu héjo, sarta dina umumna varietas warnana bakal robah jadi ungu lamun geus asak sanggeus leuwih kurang dua atawa tilu taun.[3][7][8]
Ieu spésiés mimiti muncul kira-kira 250 juta taun ka tukang, kalawan geus aya di bumi anu bagian daratanna masih ngahiji dina hiji buana anu disebut Pangaea, sarta ieu ngajelaskeun spésiés tunggal Junperus cmmunis asalna bisa ti Eropa, Asia, jeung Amérika Kalér.[4]