Jinah
From Wikipedia, the free encyclopedia
Jinah (Ar. zina (زِنًا)) nyaéta sapatemon tanpa kawin, ku kituna bisa jadi teu bisa ditarima boh sacara sosial, agama, moral, atawa hukum. Ieu konsép aya di rupa-rupa kabudayaan jeung agama, samalah dina Islam, Kristen, jeung Yahudi mah sarupa.[1]
Dina sajarah kacatet yén jinah téh kaasup kajahatan anu beurat anu hukumanana bisa mangrupa dihukum pati, mutilasi, atawa disiksa.[2] Di nagara Kulon, utamana ti abad ka-19, hukuman sarupa kitu dianggap telenges teuing. Malah kiwari mah geus teu kaasup kriminal, najan angger bisa aya balukarna sacara hukum, utamana dina masalah pirak. Pikeun conto, dina yurisdiksi hukum kulawarga, jinah bisa jadi alesan pikeun pipirakan, anu salajengna gedé pangaruhna kana putusan harta gono-gini, perwalian anak, tunjangan randa, jsb.
Di nagara Muslim anu ngalarapkeun syari'ah, jinah anu dipilampah ku anu geus kungsi kawin bisa ngabalukarkeun dihukum rajam.[3] Di Indonésia, numutkeun pasal 284 ayat 1 KUHP, jalma kawin anu kabuktian jinah diancam hukuman bui salapan bulan.