ISO 3166-1 alpha-2
From Wikipedia, the free encyclopedia
ISO 3166-1 alpha-2 nyaéta kode dua hurup pikeun kode nagara anu didadarkeun dina ISO 3166-1, bagian tina standar ISO 3166 anu dipedalkeun ku International Organization for Standardization (ISO), pikeun ngawakilan nagara, wewengkon dépénden, jeung wilayah husus dina géografi. Ieu kode dipaké kalawan lega pikeun kode nagara anu dipedalkeun ku ISO, sarta dipaké kalawan maneuh pikeun kode nagara dina internet (kalawan aya sababaraha iwalna).[1] Mimitina mah ieu téh kaasup kana bagian standar ISO 3166 dina edisi munggatan taun 1974.