Halusinasi
From Wikipedia, the free encyclopedia
Halusinasi nyaéta gangguan psikologis kalawan gejala ayana sénsasi anu diprosés ku uteuk jeung bisa mangaruhan sistem indra manusa nepi ka ngalaman hal-hal anu teu nyata. [1] Halusinasi teu bisa dipikapaham ku batur, sabab bener-bener mangrupa pangaruh sénsorik anu dijieun ku pikiran jalmana sorangan. Tapi, keur anu ngalamanana mah karasa nyata pisan, ngadesek jeung kacida jéntréna. Keur jalma anu kakeunaan Skizofrenia 70 persen di antarana bakal ngalaman halusinasi.[2] Halusinasi béda jeung gangguan waham sindiran (jalma anu kakeunaan ngarasa diobrolkeun ku batur); béda ogé jeung thought echo (eusi pikirana diulang-ulang dina sirahna), thought insertion (eusi pikiran ti luar asup kana jero uteuk), thought withdrawal (eusi pikiranana dicokot ku hal anu aya di luar dirina), thought broadcasting (eusi pikiranana diémbarkeun nepi ka batur téh pada mikanyaho) anu mangrupa gangguan eusi pikir. Ari halusinasi mah mangrupa gangguan persépsi.[3]
Kecap halusinasi asalna tina basa Latin anu hartina ngumbara sacara méntal. Halusinasi dihartikeun salaku persépsi objék atawa kajadian anu teu nyata jeung pangalaman sénsorik anu henteu disababkan ku rangsangan organ sénsorik anu saluyu. Dina istilah awam, halusinasi ngalibetkeun dadanguan, panempo, rarasaan, pangambeu, atawa pangecap hal-hal anu teu nyata. Anu pangumumna, halusinasi dadanguan anu ngalibetkeun dadanguan sora anu teu miboga sumber fisik.[4]