Francesco Petrarca
From Wikipedia, the free encyclopedia
Francesco Petrarca (20 Juli 1304 - 19 Juli 1374) nyaéta hiji cendekiawan jeung panyair Italia. Anjeunna ogé minangka salah sahiji humanis nu pangawalna. Petrarca mindeng disebut "Bapa Humanisme".[1] Dina abad ka-16, Pietro Bembo nyieun modél pikeun basa Italia modérn dumasar kana karya-karya Petrarca. Sonéta-sonéta Petrarca dipuji jeung ditiru di sakabéh Eropa dina wanci Renaisans jeung minangka modél pikeun sajak liris. Anjeunna ogé katelah salaku salah sahiji nu kahiji mekarkeun konsép Jaman Kapoékan.