Bangkong korodok
From Wikipedia, the free encyclopedia
Bangkong korodok, basa latin ( Bufo bufo), nyaéta bangkong ampibi/hirupna di darat jeung di cai[3] anu mibanda kulit korodok/ngajarendil kawas kutil, kelir kulitna coklat aya ogé anu semu konéng, di mana pindah tempat sakapeung ku jalan ngorondang lalaunan (kawas anu karagok), mimindengna mah aclog-aclogan, bangkong korodok mangsa beurang waktuna dipaké nyumput dina liang atawa sela-sela batu, akar, jeung handapeun kalakay/dangdaunnan anu murag. Mangsa geus datang wanci burit/soré kakara nguniang hudang néangan hakaneun, sabangsaning reungit, rametuk, siraru, atawa gegeremet/invertebrata jeung sajabana nepika isuk-isuk. Bangkong korodok loba kapanggih di sakuliah Indonésia malahan di luar nagara ogé loba kapanggih hirup, saperti di Eropa kajaba di Irlandia, Islandia, jeung sababaraha pulo di Mediterania, Amerika kalér, Afrika kidul ogé aya (henteu pati loba)[3].
Bangkong korodok | |
---|---|
Status konservasi | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Filum: | |
Kelas: | Amphibia |
Ordo: | Anura |
Kulawarga: | Bufonidae |
Génus: | Bufo |
Spésiés: | B. bufo |
Ngaran binomial | |
Bufo bufo (Linnaeus, 1758) | |
Tempat hirup bangkong korodok (Eropa) | |
Sinonim[2] | |
Daptar
|