Éléktronika
From Wikipedia, the free encyclopedia
Widang éléktronika nyakup studi jeung kagunaan sistim nu dioperasikeun ku jalan ngadalikeun aliran éléktron (atawa pamawa muatan séjénna) dina parangkat saperti klép térmionik jeung sémikonduktor. Rancangan jeung konstruksi sirkuit éléktronik pikeun méréskeun masalah praktis mangrupa téhnik integral dina widang téhnik éléktronika jeung ogé kacida pentingna dina rancangan hardware keur téhnik komputer. Sakabéh aplikasi éléktronika ngalibatkeun transmisi informasi atawa power. Nu pangpangna mah ukur nu patali jeung informasi.
- Artikel ieu aya dina widang téhnik/rékayasa. Keur informasi ngeunaan parangkat éléktronik konsumén, tempo Éléktronika konsumén.
Studi parangkat sémikonduktor anyar jeung téhnologi sabudeureunnana kadang-kadang dianggap minangka bagian tina fisika. Artikel ieu ukur fokus kana aspék téhnik tina éléktronika.