Isaac Newton
From Wikipedia, the free encyclopedia
Sir Isaac Newton (January 4, 1643 - March 31, 1727)[7] nyaéta saurang ahli fisika, astronomi, jeung ahli falsafah anu lahir di Inggris.[8] Buku anu ditulis jeung dipublikasikeun dina taun 1687, Philosophiæ Naturalis Principa Mathematica, disebut-seut minangka buku anu paling boga pangaruh dina sajarah kamekaran élmu pangaweruh.[8] Ieu karyana téh medar ngeunaan hukum gravitasi jeung tilu asas hukum obah, anu ngarobah jihat sawangan manusa ngeunaan hukum fisika alam salila tilu abad ka hareupna jeung jadi dadasar tina élmu pangaweruh modérn.[8]
Sir Isaac Newton | |
---|---|
Issac Newton mangsa umurna 46 tahun dilukis ku Godfrey Kneller taun 1689. | |
Lahir | 4 Januari 1643 (KJ: 25 Desember 1642)[1] Woolsthorpe-by-Colsterworth, Lincolnshire, Inggris |
Tilar | 31 Maret 1727 (yuswa 84) (KJ: 20 Maret 1726/7)[1] Kensington, Middlesex, Inggris, Britania Raya |
Padumukan | Westminster Abbey |
Tempat nganjrek | Inggris |
Kabangsaan | Inggris (kemudian Britania) |
Widang |
|
Institusi |
|
Alma mater | Kuliah Trinity, Cambridge |
Pembimbing akademik | |
Mahasiswa ternama |
|
Dipikawanoh lantaran |
|
Dipangaruhan |
|
Mangaruhan |
|
Tanda tangan |
Dina taun 1670 nepika 1672, Newton mikeun pangatikan ngeunaan optik.[8] Jeung salila mangsa harita, nalungtik réfraksi cahaya ku anjeun jeung mikeun démonstrasi yén hiji prisma bisa nyebarkeun cahaya bodas jadi rupa-rupa spéktrum warna jeung hiji lénsa dina prisma anu kadua, bisa ngawangun éta spéktrum warna jadi cahaya bodas deui.[8]
Isaac Newton sadar yén matematika nyaéta cara pikeun ngajelaskeun hukum-hukum alam kayaning gravitasi, jeung nyieun sababaraha rumus pikeun ngitung 'obahna banda' jeung 'gravitasi bumi'.[8] Gravitasi nyaéta kakuatan anu nyieun hiji banda salawasna gerak ragrag ka handap.[8] Kalawan tilu prinsip dasar tina hukum gerakan, Newton bisa ngajelaskeun jeung ngabuktikeun yén planét téh gerak ngurilingan panon poé dina orbit anu wangunna oval jeung teu buleud sampurna.[8] Tuluy Newton maké tilu prinsip dasar gerak anu kiwari dipikawanoh minangka Hukum Newton pikeun ngajelaskeun kumaha gerakna banda.[8]