Rabiés
From Wikipedia, the free encyclopedia
Rabiés atawa panyakit anjing gila mangrupa panyakit inféksi parna tina sistem saraf mamalia (kaasup manusa) anu disababkeun ku virus rabié. Ieu panyakit kacida ngabahayakeunana jeung miboga sipat zoonotik atawa bisa ditépakeun ti sato ka manusa. Transmisi lumangsung waktu partikel virus dina ciduh sato anu katerap rabié asup kana awak manusa atawa kana sato galak anu sipatna sénsitip. Contona bisa tépa ngaliwata gégélan. Sato anu bisa népakeun panyakit rabiés di antatanya anjing, kucing, monyét, rakun jeung kalong .Leuwih ti 99% anu pupus ku rabiés disababkeun ku gégélan anjing.[1]
Fakta Singget Rabies, Ngaran lian ...
Rabies | |
---|---|
Ngaran lian | Panyakit anjing gila |
Pasien rabies keur dirawat, 1958 | |
Spesialisasi | Panyakit infeksius |
Gejala | Demam, gangguan saraf, kejang, hidrofobia |
Awal muncul | Umumna 2-3 bulan (manusa), 6 bulan (sato) |
Tipe | Urban, silvatik |
Musabab | Virus rabies, Australian bat lyssavirus |
Faktor résiko | Gegelan jeung cakaran sato rabies (karnivora, kalong, primata) |
Diagnosis | FAT, IHC, RT-PCR |
Pencegahan | Dibere vaksin jeung imunoglobulin rabies |
Cara ngarawat | Obat penenang, analgesik |
Prognosis | Pasti ahirna tilar dunya lamun geus katempo gejala awal |
Kematian | 59.000 per taun |
Tutup