Psikologi forénsik
From Wikipedia, the free encyclopedia
Psikologi forénsik nyaéta cabang psikologi anu patali jeung balukar tina faktor aféktif, kognitif, jeung paripolah ka individu anu keur ngalaman prosés hukum.[1] Ieu hal bisa lumangsung alatan sababaraha kasalahan manusa nu mangaruhan sagala rupa aspék nyaéta pangajén anu samar, gumantung kana pamikiran anu salah, stereotip jeung kaputusan nu dianggap teu adil.[1] Kusabab hubungan antara psikologi jeung hukum anu raket, psikolog mindeng diperedih jadi saksi ahli atawa konsultan di rohang pangadilan.[1] Psikologi forénsik mangrupa widang husus anu kawilang anyar kénéh dina dunya psikologi. Kanyataanna, psikologi forénsik resmi dipikawanoh sacara husus ku Amérika Psikologi Association (APA) dina taun 2001. Sanajan kawilang anyar, ieu widang boga akar kamekaran anu kuat pisan ti Wilhelm Wundt anu ngadegkeun laboratorium psikologi munggaran di Kota Leipzig, Jérman. [2] Aspék pangpentingna dina psikologi forénsik nyaéta kamampuhan pikeun ngalaksanakeun tés di pangadilan, nyadiakeun informasi ka tanaga légal meh bisa dipikaharti, reformulati tina hasil nyarungsum psikologi kana basa légal di pangadilan. [3] Ku alatan éta, psikolog forénsik kudy bisa narjamahkeun inpormasi psikologis kana rangka hukum nepi ka jéntré. [4]