Pandémi koronavirus 2019 di Koréa Kidul
From Wikipedia, the free encyclopedia
Pandémi koronavirus 2019 di Koréa Kidul mimiti kapanggih di tanggal 20 Januari 2020, nalika hiji wanoja 35 taun anu asalna ti Kota Wuhan, Propinsi Hubei, Tiongkok kapanggih di Bandar Udara Internasional Incheon eukeur dina kaayaan rieut.[1][2][3]
Sasalad koronavirus di Koréa Kidul ti waktu ka waktu (ti tanggal 20 Januari 2020). | |
Panyakit | COVID-19 |
---|---|
Galur Virus | SARS-CoV-2 |
Lokasi | Koréa Kidul |
Kasus munggaran | Bandara Internasional Incheon |
Tanggal mimiti aya | 20 Januari 2020 |
Asal | Wuhan, Hubei, Republik Rahayat Tiongkok |
Kasus kakonfirmasi | 13,373 |
Kasus dicurigai‡ | 22,950 |
Kasus pulih | 12,144 |
Tilar dunya | 288 |
Situs web resmi | |
ncov | |
‡ Kasus anu dicurigai acan kakonfirmasi ku sabab galur ieu eukeur ditalungtik di laboratorium. Babaraha galur lianna mungkin geus dicegah. |
Per tanggal 4 Méi 2020, kacatet geus aya 10.801 kasus positip, 252 kasus tilar dunya, sarta 9.217 urang anu geus cageur.[4][5] Perséntaseu anu cageur di nagara ieu 85%, sedengkeun anu tilar dunya nyaéta 2,33%.[6]
Koréa Kidul nyaéta salah sahiji nagara anu kawilang suksés dina ngendalikeun ieu pandémi.[7][8][9] Ieu kabuktian ku jumlah kasus anyar anu ka dieunakeun beuki ngurangan, malahan di tanggal 30 April 2020, Koréa Kidul nyatet euweuh kasus anyar dina poé éta hiji-hiji acan.[10][11][12][13] Pamaréntah Koréa Kidul henteu ngalumakukeun kawijakan lockdown atawa karantina wewengkon.[14] Sanajan kitu, pamaréntah ngalakukeun tés massal pikeun wargana, palacakan anu sigap, parawatan pasén, sarta transparansi data anu bisa ngawangun kapercayaan publik. Salian ti éta, sanksi atawa denda ogé lumaku pikeun anu nolak dités sarta anu nolak dikarantina.[15][16][17]