Nikola Tésla
From Wikipedia, the free encyclopedia
Nikola Tesla nyaéta saurang élmuwan nu revolusioner dina widang ilmiah listrik sarta magnetisme.[1][2]
Nikola Tesla | |
---|---|
"Jika kau ingin menemukan rahasia dibalik semesta, berpikirlah dalam terminologi energi, frekuensi dan getaran.." – Nikola Tesla | |
Gumelar | Nikola Tesla 10 Juli 1856 Smiljan, Kekaisaran Austria (kiwari Kroasia) |
Tilar dunya | 7 Januari 1943 (yuswa 86) New York City, New York, Amerika Serikat |
Atikan | Universitas Teknologi Graz (teu dituluykeun) |
Pagawéan | Penemu, pebisnis |
Tanda tangan |
Pamanggih nu gedé ajena dina salila hirupnya tayalian arus A/C, nu dimangpaatkeun dina sagala widang téhnologi nepi ka kiwari.[1][2] Nikola Tesla bisa disebut ogé ahli fisika, téhnisi mékanika, mindeng dianggap jalma jenius nu pamikiranna kapangurahan ku saurang tehnisi dina abad ka 19 – abad ka 20.[3] Tesla ogé kasohor kungsi ngayakeun hiji uji coba maké listrik tegangan sarta frékwénsi gedé, maténkeun pamanggihna dina komunikasi radio, sarta sinar-X.[1]
Ku ieu jasa pamanggih Tesla, urang kiwari bisa lalajo TV, HP, ngadéngékeun radio, maké komputer, robot, lomari És, motor listrik, jeung sajabana.[1][4] Sanajan kitu aya ogé hasil tina usahana nu tacan réngsé tayalian transmisi atawa ngirimkeun listrik ka unggal benua kalawan teu maké kabel, nu katelah proyék menara Wardenclyffe.[1]