Munisipalitas Karlstad
From Wikipedia, the free encyclopedia
Munisipalitas Karlstad [kɑːɭsta] (pop. 82,096) nyaéta salaahiji munisipalitas di kulon tengah Swédia kalayan ibukotana aya di kota Karlstad (populasina 58,055). Dibéré penghargaan Royal Charter taun 1584. Dina abad ka-17 kota ieu mangrupa tempat kauskupan Garéja di Swédia. Kota ieu mangrupa tempat Universitas Karlstad jeung Bandara Karlstad. Karlstad aya dina jalan karét api utama nu ngahubungkeun Oslo, Norwégia, jeung Stockholm.
Peta Swédia, Karlstad disorot |
Lambang | |
Kaayaan munisipal | ||
Ibukota | Karlstad: | |
Counti | County Värmland | |
Propinsi | Värmland | |
Lega
|
1167.1 km² ka-87 ti 290 | |
Pangeusi
|
82,096 ka-19 ti 290 | |
Kapadetan | 69/km² |
Karlstad miboga bau nu ngeunaheun ka sakuliah kotana (hususna puseurna) alatan ayana pabrik Löfbergs Lila Coffee Roasting. Pabrik ieu ogé mangrupa pencaar langit pangluhurna di Värmland. Pausahaan kasebut ogé miboga Aréna Löfbergs Lila, nu anyar kénéh miboga 10,000 tempat diuk tur diguakeun utamana keur Färjestads BK (Kleub Hoki), salian ti jadi tempat konsér.