Mawar
From Wikipedia, the free encyclopedia
Mawar (nu asalna tina basa Parsi) atawa eros (nu asalna tina basa Walanda) nyaéta tuwuhan ti genus Rosa. Mawar liar anu diwangun leuwih ku 100 spésiés lolobana tumuwuh di bumi beulahan kalér anu hawana tiis. Spésiés mawar umumna mangrupa tuwuhan eurih anu cucukan atawa tuwuhan anu ngareuy anu jangkungna bisa ngahontal 2 nepi ka 5 méter. Sanajan arang kapanggih, jangkungna mawar anu ngareuy dina tuwuhan lian bisa ngahontal 20 méter.
Érmawar | |
---|---|
Rosa canina | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | |
Divisi: | |
Kelas: | |
Ordo: | Rosales |
Kulawarga: | Rosaceae |
Subfamili: | Rosoideae |
Génus: | Rosa L. |
Spesies | |
antara 100-150 |
lolobana spésiés mawar miboga daun anu panjangna antara 5-15 cm. Mawar sabenerna lain tuwuhan tropis, lolobana spésiésna ngaleupaskeun kabéh daunna sarta ngan sawatara spésiés anu aya di Asia Tenggara anu sok mibanda daun héjo sapanjang taun.
Kajaba ti rosa sericea anu mibanda 4 lambar daun makuta, kembang mawar diwangun ku 5 lambar daun makuta. Warna kembang mawar biasana bodas jeung kayas atawa pikeun sawatar spésiés mah konéng jeung beureum.
Spésiés nu kembangna muka leuwih ngondang kadatangan nyiruan atawa sarangga séjén anu mantuan réproduksi antukna condong ngahasilkeun buah nu leuwih réa. Mawar hasil budidaya ngahasilkeun kembang anu daun makutana nutup rapet antukna ngahésékeun réproduksi. Sawaréh buah mawar boga warna beureum sawatara jinis séjénna kawas rosa pimpinellifolia ngahasilkeun buah nu boga warna wungu poék nepi ka hideung.
Sawatara spésiés kawas rosa canina jeung rosa rugosa ngahasilkeun buah rose hips anu pohara beunghar ku vitamin C malah mah kaasup ti antara sumber vitamin C alami anu pangbeungharna. Buah rose hips dipikaresep ku manuk nu sok ngahakan bungbuahan antukna mantuan sumebarna siki mawar ngaliwatan kokotor anu dikaluarkeunana. Sawatara jinis manuk kawas manuk Finch ogé ngadahar siki-siki mawar.
Umumna mawar mibanda cucuk nu wangunna kawas pengait anu gunana minangka cecekelan sawaktu ngarayap naékkan tuwuhan séjén. Sawatara spésiés anu tumuwuh liar di taneuh keusikan di wewengkon basisir kawas rosa rugosa sarta rosa pimpinellifolia nyalutukeun hirup ku cara ngajadikeun cucuk nu lempeng kawas jarum anu jigana boga guna pikeun ngurangan karuksakan alatan dihakan ku sato, nahan keusik anu ditiup ku angin sarta nangtayungan akar tina érosi. Sanajan geus ditangtayungan ku cucuk, kidang katempona henteu sieuneun ku éta cucuk sarta mindeng ngarusak éta mawar. Sawatara spésiés mawar miboga cucuk anu henteu mekar sarta henteu seukeut.
Mawar bisa kakeunaan sawatara panyakit kawas tai hiang daun. Cukang lantaranana nyaéta supa Phragmidium mucronatum anu ngabalukarkeun murudulna daun. Panyakit séjén anu henteu ngabahayakeun teuing kawas tipung Mildew dilantarankeun ku supa Sphaerotheca pannosa, sedengkeun panyakit Titik Hideung anu ditandaan ku mecenghulna titik-titik hideung dina daun disababkeun ku supa Diplocarpon rosae. Mawar ogé mangrupa kadaharan pikeun larva sawatara spésiés Lepidoptera.