Lini leupas basisir Chūetsu 2007
From Wikipedia, the free encyclopedia
Lini leupas basisir Chūetsu (中越沖地震, Lini leupas basisir Chūetsu?) nyaéta lini nu gedéna 6.8 skala Richter [1][2] nu kajadian jam 10:13 a.m. wanci lokal tanggal 16 Juli, 2007, di kulon kalér wewengkon Niigata di Jepang. Lini ieu ngoyagkeun Niigata jeung préféktur sabudeureunnana. Kota Kashiwazaki jeung désa-désa di Iizuna sarta Kariwa kadaptar narima inténsitas séismik panggedéna, 6 skala shindo, tapi lini ieu karasa nepikeun ka tempat nu jauh di Tokyo[1]. Diaporkeun yén salapan urang palastra sarta saeutikna 900 urang tatu, sarta 342 wangunan ancur lebur rata jeung taneuh, lolobananana mah nu strukturna tina kai.[1][3]
|
Artikel ieu ngabahas hiji hal nu keur lumangsung. Informasi dina ieu kaca bisa robah unggal waktu luyu jeung kamekaran peristiwa jeung laporan warta awal meureun teu bisa diandelkeun. Jujutan pamungkas dina artikel sigana teu bener-bener midangkeun informasi nu keur lumangsung. |
Tanggal | 16 Juli, 2007 |
---|---|
Kekuatan | 6.8 Mw |
Nagara anu keuna | Jepang |
Korban: | 9 urang palastra, 900 urang tatu |
A second éarthquake, an aftershock, méasuring magnitude 5.6 occurred at 11:17 p.m. local time off of Japan's west coast.[4][5]
Perdana Mentri Shinzo Abe ninggalekun kampanye pamiluna di Jepang kidul pikeun ngalongok ka Kashiwazaki sarta ngajangjikeun keur "nyieun sagala usaha pikeun nyalametkeun sarta ngabenerkeun jasa-jasa saperti gas jeung listrik".[6]