Dinosaurus
From Wikipedia, the free encyclopedia
Dinosaurus mangrupa sato vertebrata nu ngadominasi ékosistim darat salila leuwih ti 160 juta taun (munggaran mucunghul kira 230 juta taun ka tukang). Dominasi dinosaurus tumpur dina ahir mangsa Cretaceous 65 juta taun ka tukang, alatan kajadian alam nu maéhan spésiés-spésiésna. Para ahli loba nu nganggap manuk modéren salaku turunan langsung ti dinosaurus téropoda.
Dinosaurus | |
---|---|
Kompilasi rorongkong dinosaurus. Saarah jarum jam ti kiri atas: Microraptor gui (Theropoda buluan), Apatosaurus louisae (Sauropoda gedé), Edmontosaurus regalis (Ornithopoda nu pamatukna siga bébék), Triceratops horridus (ceratopsia nu boga tanduk), Stegosaurus stenops (Stegosauria nu boga pelat di tongkorna), Pinacosaurus grangeri (Ankylosauria nu boga armor kendel) | |
Klasifikasi ilmiah | |
Karajaan: | Animalia |
Filum: | Chordata |
Klad: | Dracohors |
Klad: | Dinosauria Owen, 1842 |
Grup major | |
|
Ti saprak munggaran kapanggih salaku fosil dina abad ka-19, dinosaurus jadi pangirutan jalma réa di musium-musium di sakuliah dunya. Dinosaurus jadi bagian tina budaya dunya sarta tetep populér, utamana pikeun barudak. Misalna dina pilem Jurassic Park (Taman Jurasik), nu ogé dirojong ku papanggihan-papanggihan nu terus kagali nepi ka kiwari.
Istilah dinosaurus ogé dipaké sacara informal pikeun ngagambarkeun réptil prasajarah, kayaning pélikosaurus Dimetrodon, ptérosaurus jangjangan, sarta ihtiosaurus cai, plésiosaurus, jeung mosasaurus, najan sabenerna mah lain dinosaurus.