Anatomi manusa
From Wikipedia, the free encyclopedia
Anatomi manusa atawa antropotomi mangrupa hiji widang husus dina anatomi nu ngulik struktur/dedegan jeung sistim dina awak manusa, di sagigireun ulikan ngeunaan jaringan (histologi) jeung sél (sitologi).
Awak manusa, sakumaha umumna dina sato, diwangun ku sistim, nu diwangun ku organ, nu diwangun ku jaringan, nu diwangun ku rupa-rupa sél.