Adrénalin
From Wikipedia, the free encyclopedia
Epinéfrin (ogé katelah adrénalin; baca Terminologi) nyaéta hormon jeung neurotransmiter[1] nu boga pancén dina réspon "lawan atawa ngejat" dina sistem saraf simpatétik[2], hiji sanyawa katékolamina, monoamina simpatomimetik nu dihasilkeun ku kelenjar adrénal tina asam amino fénilalanin jeung tirosin.
(R)-(–)-L-Epinéfrin atawa (R)-(–)-L-adrénalin
| |
Ngaran sistimatik (IUPAC) | |
(R)-4-(1-hidroksi- 2-(métilamino)étil)bénzéna-1,2-diol | |
Identifiers | |
Nomer CAS | 51-43-4 |
Sandi ATC | A01AD01 B02BC09 C01CA24 R01AA14 R03AA01 S01EA01 |
PubChem | 838 |
DrugBank | APRD00450 |
ChemSpider | 5611 |
Data kimia | |
Rumus | C9H13NO3 |
Mass. mol. | 183.204 g/mol |
Data farmakokinetik | |
Bioavailabilitas | Nil (oral) |
Metabolisme | adrenergic synapse (MAO jeung COMT) |
Waktu paruh | 2 menit |
Eksresi | Urin |
Therapeutic considerations | |
Kat. kehamilan | |
Legal status | |
Jalur | IV, IM, éndotrahéa, IC |
Istilah épinéfrin diturunkeun tina akar basa Yunani epi- jeung nephros, nu hartina dina ginjal, nujul ka perenah anatomis kelenjarna. Akar basa Latén ad- jeung renes ngandung harti nu sarupa, ku kituna aya istilah adrénalin.
Kimiawan Jepang Jokichi Takamine jeung asisténna Keizo Uenaka sacara mandiri ngudar épinéfrin taun 1900[3][4]. Taun 1901 Takamine bisa ngisolasi jeung ngamurnikeun ieu hormon tina kelenjar adrénal domba jeung sapi[5]. Epinéfrin munggaran disintésis ku Friedrich Stolz jeung Henry Drysdale Dakin, séwang-séwangan taun 1904[4].